Halaman

Jumat, 25 Oktober 2013

Nyawa Pangajaran Basa Sunda di Kota Depok, Cupumanik, No 87 Oktober 2010

Asa di Jawa Barat mun ngariung jeung guru-guru basa Sunda sa-Kota Dépok téh. Tuda dina rohangan rapat MGMP (Musyawarah Guru Mata Pelajaran) basa Sunda nu ngan sacangkéwok téh rarécok nyaritakeun pangalaman sapopoé ngajar basa Sunda di Dépok, bari loma nyarita ku basa Sunda. Rupa-rupa nu dicaritakeunna mah, ti mimiti urusan administrasi, nepi ka nanasiban basa Sunda di unggal-unggal sakola nu aya di kota Dépok. Ari kaluar deui ti rohangan mah, karasa wéh, di Dépok deui. Ngobrol téh kapaksa mamalayuan deui.

Munasabah kituna mah, da puguh réa nu ngumbara di Dépok mah. Nu ti Padang, Jawa, Batak, nepi ka urang Florés tumplek di dieu. Anéhna, kuring sorangan asa ngumbara di dieu téh. Tegesna, urang Sunda lain mayoritas. Sapopoé barudak teu ngagunakeun basa Sunda, kaasup nu kolotna urang Sunda. Basa panganteur di sakolaan gé basa Indonésia deuih. Puguh deui dina campur gaul barudak jeung papadana mah, Malayu Batawi ‘sinétron’ nu teu paruguh reureungeukeunana téa basa nu digunakeunana téh. Nya dina suasana kawas kitu, kuring ngajar basa Sunda téh.



Nu matak resep lamun pareng aya riungan MGMP Basa Sunda kota Dépok téh. Asa manggih dulur di pangumbaraan, bari teu kudu mancakaki heula. Lah, nanaonan atuh? Méakkeun waktu bari jeung teu puguh tujuanana. Guru mata pelajaran nu lain nu sok nanya kitu téh. His, cék saha teu puguh tujuanana. Nya dina riungan MGMP, kuring sakuringeun manggihan pangalaman anyar nu moal aya gantina enggoning mancén gawé ngajar basa Sunda téh.

Riunganna mah sabulan sakali, jiga arisan. Poé Senén minggu ka sabaraha baé, kumaha kasapukan anggota. Ngan wayahna tabah, sabulan sakali mah kudu ngaancokeun waktu. Sanggar MGMP-na téh kabeneran di sakola kuring, SMPN 1 Dépok. Meureun meneran pancer, babari kasaba ti SMP mana baé. Guru basa Sunda sa-Dépok mah, geus otomatis jadi anggota MGMP. Teu kudu nyieun kartu anggota atawa diospék heula. Teu aya sénioritas sagala deuih. Babarengan baé, paheuyeuk-heuyeuk leungeun, silih simbeuh pangaweruh, silih tépa pangabisa. Cindekna, guru basa Sunda nu aya datana di Dinas Pendidikan, tangtu diangkir disina hadir. Berkah, nu daratangna mah rempeg waé unggal bulan gé. Opat puluh korsi nu aya di rohangan mah pinuh kaeusian. Ana téa mah rada coréngcang, gancang dipapaykeun, pangna henteu nemonan pangondang. Atuh  mun kabeneran gering, nya nyieun agénda anyar, ngalongok. 

Agéndana rupa-rupa dina riungan MGMP téh. Mimindengna mah madungdengkeun métodeu jeung prak-prakan ngajar basa Sunda di sakola. Babasanna téh ‘oléh-oléh’ cenah. Éta wé pédah mun aya salasahiji guru anu nu geus milu pelatihan anu di kota anu, nu dipénta téh ‘oléh-oléh’ pangaweruhna. Ditaranggap éta téh. Disina ka hareup guruna, sina nyaritakeun pangalamanana salila milu pelatihan nu aya patalina jeung métodeu jeung prak-prakan ngajar basa Sunda. Teu ngabibisani, karasa pisan mangpaatna keur kuring nalika métodeu ‘oléh-oléh’ téa dilarapkeun di kelas. Kiwari mah geus teu usum metodeu ceramah saarah téh, ngan hayoh wae guru ngocoblak sorangan, komo mun ngocoblakna téh bari nulis dina whiteboard nukangan barudak sigana moal aya stimulasi nu karasa ku budak. Nu meujeuhna keur ngajarkeun basa Sunda mah, murid nu kudu aktif, guru ngan saukur média.

Contona mun urang rék nerangkeun ngeunaan upacara adat sawér pangantén, pék pilih budak nu jadi panganténna duaan tuluy siswa nu séjén dititah ngumpulkeun duit récéh diwadahan, atuh ngong urang nembang bari nyawérkeun duit récéh nu tadi dikumpulkeun geus tangtu barudak téh kana raresepeunana. Tidinya mah barudak geus bisa nerangkeun sorangan nu kumaha ari upacara adat sawér pangantén téh. Katitén tina évaluasi pembelajaran, undak pangaweruh barudak téh. Teu hésé teu sing ngajarkeun basa Sunda najan ka urang Batak  atawa urang mana waé ogé. Mun téa mah tina hasil pangajaran, sapopoéna barudak angger teu ngagunakeun basa Sunda, atuh copélna, pangalaman diajar basa Sunda mah, ulah nepi ka babari kapopohokeun.

Sajaba ti éta, administrasi guru nu ilaharna dianggap pagawéan pangtararanggelna, diguar deuih dina riungan téh. Nu matak teu karasa teuing hésé bélékéna. Guru-guru dibagi kelompok, dumasar kelas. Unggal kelompok ngarumuskeun rupa-rupa perangkat pembelajaran, kayaning RPP (Rencana Pelaksanaan Pembelajaran), Silabus, program (seméster jeung taunan), KKM (Kritéria Ketuntasan Minimum), nepi ka kalénder pendidikan. Mun nyedek waktu ujian, nu dirumuskeun téh soal ujianana. Guru bidang studi nu lain mah sakapeung sok sirik, da perangkat pembelajaran Basa Sunda mah up to date waé, cenah.

Unggal riungan téh nyaan jiga arisan, da udunan 25 rébu rupiah, mayeng saban tepung. Itung-itung céngcéléngan. Dibukana téh sataun sakali, keur kagiatan nu aya patalina jeung pangajaran basa Sunda. Biasana ajangkeuneun nyieun kagiatan pasanggiri basa Sunda sa-Kota Dépok: biantarana, maca sajakna, ngadongéngna, nepi ka ngarangna. Mun aya kénéh sésana, ngayakeun studi banding ka wewengkon séjén, ningali kaayaan pangajaran basa Sunda nu aya di wewengkon nu didongdon, bari dipaluruh héngkérna katut onjoyna.

Jigana teu di hilir teu di girang, guru basa Sunda téh kiwari mah kacida dibutuhkeunana. Harita gé aya (malah réa) nu nawaran ngajar. Kabeneran teu kabadanan, nya ditepikeun dina riungan MGMP, sugan aya nu minat atawa nu jam ngajarna kurang. Lebar temen mun téa mah tawaran téh teu diihtiaran. Bisi terus pundung, bisi jadi pucuk ti girang pangajaran basa Sunda hayang dileungitkeun, da pédah hésé cenah néangan guruna. Jiga béja kamari-kamari nu sakurang-kurangna mah kapan matak rentag.

Puguh sesah milari guru basa Sunda di pakaléran mah, coba nu pundung kitu téh milarina ka Bandung, mana teuing meureun ngabéréndél nami-nami lulusan Sunda pigurueun basa Sunda téh.
Kumaha atuh mun guru basa Sundana lain ti jurusan Sunda UPI atawa UNPAD? Kaci ilubiung dina riungan? Ah, ulah janten halangan nu kitu mah, da dihenteu-henteu ogé guru-guru basa Sunda nu lain ti jurusan Sunda téh gaduh andil dina merjoangkeun basa Sunda, saméméh renung lulusan jurusan Sunda. Sumawonna upama kabeungkeut ku MGMP mah, tangtu bisa silih euyeuban, antara nu jembar ku pangalaman ngajar  jeung nu weweg ku pangalaman diajar dina jurusanna. Jeungna saupama MGMP-na rempeg mah, bakal kaukur deuih – sahenteuna sacara kuantitatif – jumlah sakola nu teu aya guru basa Sundana, jumlah guru basa Sunda nu lain ti jurusan Sunda, jsté. Pamustunganana, kabutuhan hiji kota/kabupatén kana guru basa Sunda katut cara pikeun ngungkulanana, meureun bisa karampa. Lajuning lakuna, dirékomendasikeun ka nu langkung gaduh wewenang.
Geus meujeuhna guru basa Sunda teu bajoang sosoranganan, bisi jadi panyawat aral ngarasula nu nahun, bari taya daya upaya sabab tanaga suda ku neluh manéh. Sabalikna, silaturahmi papada guru basa Sunda kudu jadi kakuatan geusan ngamajukeun hirup-huripna basa Sunda. Beuki réa jalma, beuki rosa tanaga. Cindekna, keur kuring mah MGMP basa Sunda téh nyawa pangajaran basa Sunda, saperti nu kaalaman ku sorangan di Kota Dépok. Duka di wewengkon nu sanés mah.
Nu nulis, guru SMPN I Kota Dépok.

1 komentar:

Anonim mengatakan...

Alhamdulillahirobbil alamin mugia pangajaran basa sunda di Kota Depok teh sing janten elmu anu mangfaat kanggo barudak hususna umumna urang sadaya salaku guruna. sim kuring oge sami ngaraoskeun pisan. mendingan di smp mah unggal sasih aya riungan di mgmp, ari guru SD kumaha atuh? tara aya riungan pikeun namplokeun pangalaman atawa mulungan pangalaman