Halaman

Jumat, 25 Oktober 2013

Dina Parahu Carpon Anita Rohani, Mangle September 2012

Tadi peuting hujan bangun nu marudah, dur bedug adan awal kakara kanjat raat. Matak teu hélok nalika pasusubuh hawa karasa nyecep tiis. Ayeuna téh poé pasar, Kuring tuturubun muru parahu Mang Ohi nu biasa miang pasusubuh. Ngahaja indit subuh-subuh, sabab mun rada beurang mah sok tara kabagéan tahu jeung témpé padahal nya éta pisan nu pangpayuna di warung kuring. Lah, lain warung atuh da ieu mah puguh leutik pisan. Eusina gé tamba kosong teuing, sabangsa gula uyah katambah nu rada raweuy téh jajanan budak kayaning kurupuk cacing jeung dorokdok. Nya kitu wé asal ngayonan pangabutuh urang lembur.

Séah angin ngagelebug ngendagkeun régang-régang awi. Dina kaayaan poék mah éta tangkal awi téh bet ngajanggélék siga leungeun badag nu keur gugupay. Jékét diselétingkeun nepika tungtung beuheung, leumpang ngagedig bari leungeun mah tipepereket nanangkeup harigu. Nalika turun ka darmaga kasampak parahu Mang Ohi geus dieusian ku duaan. Tina dedegan awakna mah siga Mang Jana jeung anakna, Tutun. Nu disebut parahu ku urang dieu nyaéta sabangsa bargas anu ukuranna leuwih gedé tina tongkang, dieusian papan lima jajar nya mahi wé jang sapuluh urangeun mah. Ari tukang parahu ayana dipangtukangna purah ngahurungkeun mesin jeung méngkol-méngkolkeun haluan.



Tétéla enya Mang Jana nu geus saged téh, kuring jeung manéhna ukur patukeur imut. Ari subuh-subuh kieu téh sok horéam ngamimitian paguneman. Jol aya nu néma sapandeurieun kuring. Geus deukeut kakara katémbong geuning Wa Cica, jalma céréwéd pisan. Sarua siga kuring, Wa Cica gé ngawarung leuleutikan ngan manéhna mah warungna rada ngidul deukeut jalan gedé.
“Eum, sugan téh geus tinggaleun. Geuning ngabagug kénéh di dieu ieu pisuluheun téh Ohi!” Padahal Mang Ohina mah can aya.

“Kacida si Uwa, maké jeung nyebut pisuluheun, kumaha mun Mang Ohi ngadéngéeun meureun Uwa teu dikunclungkeun ka tengah cai kéh.” Ceuk si Tutun bari mengkék piseurieun.

“Tu da heueuh Jang, parahu geus dihakan ku rinyuh gé teu dioméan-oméan.” Bari gék diuk na papan panghareupna.

“Teu bogaeun duit meureun mana kitu gé uwa.” Kuring kapancing milu nambalang.

“Aéh éta geuning Si Nyai... balanja Nyi? heueuh kétang dipikir-pikir mah, rék meunang duit ti mana da nambanganna gé ngan poé pasar hungkul, poé-poé biasa mah laaah jelema téh marilih nguriling naék ojég batan meuntas kana parahu mah. Jeung warani deuih ongkosna téh ayeuna mah beuki murah, éta meureun pédah loba sainganna.”

“Leres wa.” Kuring ngéngklokan.

“Duuuh tu da Nyai tukang ojég ti lembur urang waé  aya kana sapuluh urangna, can ti lembur batur. Sawah gé ayeuna mah lain hiji dua nu diculkeun kitu waé. Heueuh da euweuh nu ngagarapna. Tuh geuning narungtutan dijarualan, tuluy wéh dibareulikeun kana motor. Sigana téh barudak ngora ayeuna mah leuwih resep ngarojég. Lah matak watir wé ka tukang parahu beuki ngurangan panghasilanna. Motor téh tuda ayeuna mah yéy tinglaliud siga sireum di jalan, jangar uwa mah nempona gé matak panon téh sok diléokeun wé kana tipi nongton éta geuning Nyai sinéteron. Poho atuh kana hutang téh saheulaanan mah.”
“Percanten ka Uwa mah piraku sakitu warung ramé waé téh maké gaduh hutang sagala.” Ceuk kuring bari nyumputkeun imut.
“Déééng, cing teu bisa ingkah ti dieu mun Uwa bohong. Yeuh nyai, éta nu datang ka Uwa téh lolobana mah ngaranjuk. Paribasa engké nya Wa atawa nambut heula nya Wa. Nu disebut nambut heula téh tampolana nepika sataun campleng ngajubleg teu mayar-mayar. Emh, kurang kurangna mah matak aral.”
“Sami geuning Wa, nya kitu pisan ka abdi gé. Ari teu dipasihan sok karunya tapi ari dipasihan kalékéd pisan malayarna téh.”
“Ya Alloh bener pisan Nyai. Ieuh bisi hayang apal mah urang lembur téh nalika nganjuk mah daratangna téh ka warung urang nu geus puguh leutik modal, naaa ari garableg duit léosna téh ka Karang Anyar ngadon baralanja di naon téa ning Nyi nu siga supermarket tapi rada leutik téh?”
“Minimarket Uwa.” Témbal kuring.
“Tah heueuh éta. Sebel Uwa mah. Cing atuh ari di lembur singkur mah teu kudu aya nu kararitu téh. Nanaonan geura, da ku warung jeung pasar gé geus cumpon kabutuhan urang lembur mah. Sok teu ngarti Uwa mah kana eusi babatok nu dibarendo. Heueuh pan éta lain nu ngijinanna téh da mun teu diijinan mah piraku maké wanieun dagang di urang.”
“Nyaéta Wa, pedagang siga urang mah kudu pinter néangan deui kokocoran nu lian. Melak cabé téa, malawija téa naon ku hanteu da tina ngawarung mah teu kaérong pimajueunna Wa, ti mana nya nyakolakeun budak urang.”
Rentang rentang ti tonggoh katémbong aya Mang Ohi nurugtug bari manggul mesin parahu. Da mesin parahu mah salilana gé sok dibawa ka imahna, ngajaga bisi aya nu cécéréméd. Lain sakali dua kali Mang Ohi kabéjakeun kaleungitan mesin parahu padahal ngan éta étana banda nu dipiboga ku manéhna.
Clak kana cukang parahu, rieug parahu ngarieug kaoyagkeun tayohna beurat pisan mesin nu dipanggul ku Mang Ohi téh.
“Alah, ngan sakieuan urang téh?” Pokna bari mencrong nu dariuk na papan nu ngan ukur opatan kalima manéhna. “Aéh geuning aya Mang Jana jeung si Tutun. Na badé kamana Mang? Sinarieun nyubuh.” Kituna téh bari merenahkeun mesin kana tempatna.
Kuring kakara nangenan yén tatadi Mang Jana bangun nu malaweung bari anteng neuteup ka jauhna. Méméh ngajawab téh Mang Jana ngenyot heula padudanna nepika atra katémbong pipina nu kemong. Serebung haseup dikaluarkeun bareng jeung ambekanna.
“Nyéta puguh éta budak aya kahayang, laah meni teu bisa diengké-engké.” Kituna téh bari nuduhkeun si Tutun ku gadona.
“Na hayang naon manéh téh Jang?” Uwa Cica nu nanya téh.
“Hoyong motor Wa, Ujang rék diajar ngojég.”
Gerung gerung mesin parahu dihurungkeun ku Mang Ohi rada ngagentak, biur parahu maju meulah Citarum. Dina parahu taya nu nyoara deui.
Bumi Kinara, Agustus 2012

2 komentar:

Heni Meliyanawati mengatakan...

sae pisan teh

Unknown mengatakan...

Nyakitu tea atuh...pas pisan iyeu carita teh sapagodos jng zaman kiwari