Halaman

Jumat, 25 Oktober 2013

MACA DEUI BARAKATAK DEUI (Catetan tina buku Opat Puluh Dongéng énténg ti Pasantrén Karya RAF)

Keur nonton gosip dina tv harita téh (beu, muka aib sorangan heuheu) ngeunaan hiji tokoh masyarakat anu salawasna mapatahan sangkan ngajauhan korupsi, ari tadi manéhna katémbong keur digugusur ku KPK alatan korupsi (Anyirrr, pikasebeleun). Bet ras inget kana hiji buku nu kungsi dibaca. Nu kieu nu disebut elmu ajug téh, hah timana kuring boga éta kekecapan? Bet jadi panasaran. Kurah koréh, bréh kapanggih dina buku 40 Dongéng énténg Ti Pasantrén karangan RAF! 

Ieu buku nyaritakeun pangalaman“Si Kuring” (Sigana mah kajadian anu bener-bener kungsi kaalaman ku nu nulisna) nalika masantrén di hiji pasantrén. Buku ieu kungsi meunang panglélér hadiah sastra LBSS taun 1961. Ieu buku diterbitkeun ku Tarate taun 1961 nepika tilu kali terbit (bakat ku payu). Tuluy diterbitkeun deui ku CV Geger Sunten dina taun 1998. Ari lobana carita aya opat puluh, di jerona aya rupa-rupa carita nu matak pogot macana, aya carita nu matak ngabarakatak, aya carita nu matak ceurik, ogé aya carita nu ngajadikeun urang sadar ka Pangéran.



Tina opat puluh carita, aya hiji carita nu jejerna élmu ajug. Nyaritakeun suasana nalika bulan puasa dihiji pasantrén. Ustad Hasim téh ustad nu geus senior di kampung éta sakapeung sok jadi gaganti Kyai dina nepikeun ceramah mun meneran kyai aya halangan. Jiga dina hiji poé manéhna nepikeun ceramah, kieu pokna :

“Para sadérék”, kitu tuluyna,”mangkadé, ari puasa téh hartina nahan nafsu. Jeung nahan nafsu téh henteu ngan diwatesanan ku bijilna pajar jeung surupna panon poé,tapi jero sabulan gembleng ngalatih diri. Kumaha ari urang ? ari beurang ngandon nyegrék saré tibra ngabangbrangkeun lapar,mun dur magrib neteg beuteung sateuasna. Kadaharan diaya-ayakeun. Tungtungna teu béda meueus meueus acan jeung mindahkeun waktu dahar. Sanggeus dahar gulang guling kamerekaan. Sedeng tiap dahareun lamun didahar matak jadi panyakit ; éta haram hukumna.

Kitu cenah ceuk Ustad Hasim téh,sakabéh santri janji dina haté rék ngajalankeun sakumaha papatah Ustad Hasim.
Tapi dasar kudu kanyahoan yén éta papatah Ustad téh salah sahiji élmu ajug, tungtungna bet matak wirang. Élmu ajug téh nyaéta méré élmu ka batur tapi manéhna henteu ngamalkeun. Teu béda ti ajug (pangganjel damar atawa palita) kanu jauh nyaangan tapi handapeun manéhna poék. Nya kitu Ustad Hasim gé sanggeus mapatahan manéhna bet kagegeringan matak reuwas saréréa “Si Kuring” langsung ngalongok.

Barang jol enya baé. Ustad Hasim keur ngalempréh, beungeutna sepa. Utah ngabayabah dina palupuh. Kuring mah teg baé, tangtu Ustad Hasim dahar racun ieu téh. Kuring jeung si Atok indit. Maksud rék nyusulan mantri.

Sanggeus mantri datang, buru buru mariksa Ustad Hasim, ari hég ceuk Mantri téh kieu.

“Kasawat naon Ustad téh, Juragan?”
Méméh ngajawab téh, Juragan mantri katémbong imut…
“Kamerekaan geuning Ustad téh,” walonna.

Sanggeus tétéla kitu, kuring bet kalah tuluy deui mukaan buku. Nataan carita 40 dongéng énténg téa. Ngagakgak rada tarik pas maca carita “Niat”. Cenah pan ari niat téh lamun ngalisankeunna éta hukumna sunat, bet ditafsirkeun kieu ku si Umar babaturanna “Kuring” yén lamun kitu mah beuki tarik ngucapkeun niat beuki gedé ganjarannana. Tapi naon nu kajadian? Éta anggapan Si Umar téh bet ngalantarankeun manéhna gelut jeung santri séjén. Kieu caritana.

Sakali mangsa mah rék der gelut jeung Si Sakim. Si Sakim keur lelenyapan rék saré. Tas capé tadarus kabagéan méh satengah surat. Ari gorowok téh Si Umar ngucapkeun niat saré, “Turu-turu aja lali, badan turu ati tanghi”. Da mani ngoréjat deui Si Sakim téh. Marukan aya nanaon. Meujeuhna nepika der gelut ogé.
Mang Udin lurah santri taksiran geus saré, nyaring ngadéngé ribut kitu. Na ari kuniang téh hudang bari ngagorowok, “Niat kaula nyabok Si Umar jeung Si Sakim,bongan ngaganggu ana keur saré..” gampleng gampleng Si Umar jeung Si Sakim dicabok sakali sewang.
Jep sakeudeung mah répéh. Tapi gorowok deui si Umar ngagorowok, “Niat kaula males nyabok Mang Udin, mangké mun kaula geus gedé,” cenah. Ger atuh kobong téh ramé deui ku gogonjakan. Mang Udin nyéréngéh bari disimbut.

Kuring kabawa sumanget basa maca carita “maén bal”, sabab tétéla ”Si Kuring” téh jagona maén bal di pasantrén éta. Dina nyaritakeunana éstuning mendetail, sigana payus jeung kamampuh panulisna anu kungsi ngokolakeun Persib Bandung waktos anjeunna janten wartawan taun1950-1963. 
Tapi nu matak lucu dina carita ieu,sapoé saméméh pertandingan maén bal, para santri nu rék maén téh lainna istirahat ngadon gadang sapeupeuting. Ngariung nyanghareupan baskom dieusi cai jeung bal nu isuk rék dipaénkeun, sakabéh santri maca Surah Yassin terus terusan nepika janari leutik. Éta cai nu meunang macaan Surah Yassin téh isukna dipaké ngumbah bal jeung nu rék maén kudu nganclomkeun leungeun katuhu kana cai tuluy diusapkeun kana beungeut sésana dipaké maseuhan bincurang. Ngarah kuat, cenah. Da jeung enyana, éta tarékah téh aya hasilna, kieu pokna.

Sieun disebut wadul baé kuring mah, mun nyaritakeun sabaraha hasilna pertandingan harita. Da kawas nu rahul atuh. Kumaha teu rék kawas ngabohong, ari sababna, pasantrén M anu sakitu kawentar moal éléh najan ku kleup jin téh, teu kurang ti 7-1 éléhna kupasantrén kuring.

Jeung réa réa deui carita nu narik ati mangrupa pangalaman “Si Kuring” di pasantren. Pogot pisan macana, moal daék eureun mun can tamat mah. Kuring sorangan geus maca aya kana genep kalina buku ieu téh, tuda balikan deui barakatak deui. Mun aya nu can maca téh duh lebar temen….
Aneet, 28-04-2013

Tidak ada komentar: