Halaman

Selasa, 24 Mei 2011

Resensi Novel "Manehna" karya Sjarif Amin

Usum tiris kieu asa ku nikmat maca novel Manehna karya Sjarif Amin, bener pisan kasauran kang Abdullah Mustafa téh yén sada aya sora nu ngagalindeng sajeroning urang maca ieu carita téh. Sjarif Amin nyaritakeun Manéhna siga nu ngaharewos ka urang, siga nu keur curhat. Nepika urang milu ngarasakeun geter cintana, katut nyelekitna haté nalika si kuring ditinggalkeun ku manéhna.

Mimitina mah teu resep teu sing maca ieu novel, sabab hal mimiti nu dicaritakeunna asa teu ramé, naon coba istilah-istilah nu dipakéna téh walanda pisan siga ekskeursi, het schone geslacht jeung malah aya paribasa walanda sagala “hoe meer zielen, hoe meer vreugd” nya hal éta pisan nu nyababkeun kuring kandeg maca tuluy ieu novel aya kana dua mingguna sanggeus dibeuli teu ditoél-toél ku kuring. Tapi nalika usum hujan bulan Oktober jeung kabeneran kabéh buku sastra tamat dibaca, kakara novél ieu diopi ku sim kuring nepika ledis. Tétéla.... Rame pisan euy, sakapeung matak milu geugeut tapi lolobana mah sedih, nalangsa nepika ngucur cimata téh enyaan.. Asa milu heneg ieu haté.

Caritana mah teu pira, nya kawilang sederhana lah ceuk ukuran novel-novel sastra Sunda lianna mah. Nyaritakeun kisah cinta antara si kuring jeung manéhna, anu tungtungna mah teu bisa ngahiji alatan si wanoja dikawinkeun ka lalaki pilihan kolotna, tapi édun babasaanna meni diréka-réka pisan, mun cara foto mah pigurana diukir kalawan gemet nepikeun ka poto téh katingali leuwih alus.

Kuring kabawa népsong nalika Sjarif Amin nyaritakeun palebah bobogohanna si kuring jeung manéhna di pangandaran, saperti:

...

Geura, geus rék sareupna harita téh.

Kuring duaan dariuk dina kikisik, lebah gegenténg ujung pananjung beulah kulon. Balik ti guha harita téh, ngahaja ngareureuhkeun capé. Manéhna gigireun rada anggang bangun nahnay nyanghunjar lambar.... ngan teu kaur balas memener sisi sampingna, kasingkabkeun ku angin nu ngahiuk ti laut. Nepika sababaraha kali katembong congo bitisna..

...

Atawa

...

Panto diréképkeun. Disada ngajeprét. Tarik deuih kadéngéna téh ari keur jempé mah! Tuluy dikoncikeun, dua kali. Ngolétrak deui baé, ngan teu pati tarik cara tadi.

Leos kuring nyampeurkeun deui manéhna...

...

Sabenerna mah teu pulgar teu sing babasaanna, malah siga nu didingding kelir sagala, tapi justru nu disumput-sumput kitu malah ngarangsang imajinasi urang lulumpatan leuwih jauh.

Tah ari nalangsana mah nalika si kuring babarengan anu pamungkas jeung si Wanoja dina karéta api, tapi si Kuring teu sadar teu sing. Samarukna kabogohna rék nyelang balik heula ka lemburna siga biasa, ké gé balik deui, kitu sangkaanna. Padahal mah tétéla si wanoja rék balik pikeun dikawinkeun ku kolotna, naha atuh éta wanoja maké teu ngomong ka si kuring? Sabab rék pok teu kaur ku kagok, heurin ku létah, sugan engké sugan engké tapi anu kedal téh ngan hiji:

...

Geus deukeut ka tempat kuring kudu turun, kareta nu tadina mengpengan téh ngadadak ngendoran. Beuki lalaunan. Tuluy reg pisan ngarandeg. Manahoréng lebah tanda tanghara teu meunang liwat.

Kawas nu kageuingkeun ku karéta eureun téh. Manéhna semu humandeuar, “Naha teu mundur deui baé atuh karéta téh...!”.

Dina waktuna téréh papisah, manéhna humandeuar kitu, sakitu-kituna!

...

sanggeus mangtaun-taun, sajeroning beubeureuhna teu datang-datang deui ka kota, sarta sanggeus si Kuring apal ti lanceukna yén beubeureuhna geus dikawinkeun ku kolotna, kakara si kuring sadar.

...

Manahoréng babarengan harita téh, sakaréta, sadaréksi, malah sapangdiukan, ngawahan arék papisah. Da kadinya geuning anjogna lalakon mah. Kadinya geuning pantegna mah lalakon kuring jeung manéhna téh. Ka paanggang saendeng-endeng.

...

Tuluy manehna napak tilas deui urut bareto babarengan jeung manéhna, ka pasir luhureun pasawahan. Tetela kabehannana gé angger kénéh, jumplukan eurih angger, tangkal kawung nu rajeg na gawir angger, jukut kitu kénéh, cukang jeung susukan, gawir jeung géléwér, éta-éta kénéh. Ngan nu béda téh ayeuna mah euweuh manéhna. Tapi carita ieu dipungkas ku manéhna nyamahan manéh bari istigfar, pokna:

...

Atuh puguh baé, najan los ka mana ogé kuring néangan manéhna, piraku kapanggih. Da nu ditéangan kapindingan jirim kuring, nu néangan.

...

Antukna si kuring ngubaran haténa sorangan,

...

Teu leungit teu sing saenyana mah. Da éta mah angger aya. Tetep renggenek anteng manteng na geter angen kuring. Geus jadi milik kuring nu mutlak ti barang kuring papanggih jeung manéhna.

Leungiteun sotéh kuring mah ku kurung badagna. Sidik éta mah leungit, da dipibanda ku nu lian.

Tah kitu curhatan si kuring téh, rék teu milu heneg kumaha atuh da sangkaan kuring mah sugan téh éndingna rék bagja wé siga biasa novel-novel nu lian tapi ieu mah ngadon peurih. Teu hayang maca dua kali, kalebar-lebar cimata.