Halaman

Jumat, 25 Oktober 2013

Céngék (Mangle No. 2306 20-28 Januari 2011)

Kuring ngajenghok bari nungkup biwir, reuwas alah batan adu hareupan jeung maung leuweung. Mawa duit sapuluh rébu teu mahi jang sambeleun-sambeleun acan, kacida. Tapi gancang kuring nyamahan manéh bari istigfar, amit-amit mun kudu pingsan di pasar nu sakieu ngagelekna, kuriak ngabarubahkeun suasana. Nu matak reuwas mah éta meuli céngék satengah ons, ari rék dibayar, cenah limarébueun, beu! Atuh sakilona nitih saratus rébu céngék téh. Majar harga céngék naék pédah cuaca anu teu tangtu ngabalukarkeun patani céngék gagal panén. Duh, hanjakal maké dibeuli apal keur mahal mah kajeun teu nyambel. Tapi kagok asong antukna éta céngék dibeuli ku kuring, bati hanjelu wé na jero haté.


Tadina indit ti imah téh niat rék meuli deungeun sangu sapoéeun, atuh kaya kieu mah sigana ngan cukup meuli céngék jeung asin sepat hungkul. Emh nasib nasib. Beuki dieu asa beuki nérékél waé kabutuhan dapur téh, béas geus euweuh nu lima rébu saléter, anu genep rébu maratus gé kudu sababaraha kali ditapianna da loba sérah jeung keusikan.

Mun geus kieu sok bararingung, ari pangaji tina ngaput tuda teu bisa diarep-arep unggal poé. Jaba ku kaayaan ayeuna mah jelema téh leuwih loba nu meuli baju jadi batan ngaput. Kaharti kituna mah, ari ngajait mah pan jaba kudu meuli kaénna téh kudu muruhan tukang jait ongkoh. Atuh mesin singer taun 80-an téh leuwih mindeng jempéna. Ngarep-ngarep duit ti salaki pamohalan, da geus méh tilu taun eureun digawé ti pabrik garménna téh alatan katarajang gering mengi anu parna pisan nepikeun ka awakna orot kacida ngan kari rorongkong téh saenyana. Rék dipariksa ka rumah sakit téh teu waé da euweuh keur étana. Enya, keur mayarna.

“Na aya harga bet ku resép pisan tétérékélan, ka réméh-réméh milu lalinghas. Keur sakieu usum sarusah téh.” Gerentes kuring na jero haté laju indit ninggaleun pasar nu beuki maweuh.

Leumpang téh rada lungleng sabab peuting teu pati saré da salaki kambuh deui mengina. Gulinggasahan bari rénghap ranjug pikawatireun. Ampir sapeuting jeput kuring teu peureum sakerejep kerejep acan teu kaur balas ngabaluran dadana ku tarason. Ras inget ka manéhna, ti isuk-isuk can ka raraban nanaon. Jadi hayang téréh nepi. Nalika aya angkot héjo ngalalar teu talangké gancang ku kuring dieureunkeun.

“Ka lembur Sawah mang?” ngahaja ditanya heula da bisi dipéngkolkeun ka Kota Kembang. Najan deukeut gé horéam mun kudu leumpang, sakieu tunduhna.

“Hayu Bu..!” Témbalna. Clé kuring naék tumaninah pisan da angkot téh meneran kosong.
***
Dijalan gang leutik deukeut imah kuring tikajauhan katingali aya nu ngagolér hideung, ngadungkuk ditengah gang. Rurusuhan kuring muru éta barang. Ana gok, tétéla dompét kandel warna hideung nalika diangkat téh karasa beurat pisan, gancang kuring muka eusina susuganan aya ktp atawa kartu idéntitas lianna niat rék dibalikkeun ka nu bogana tapi barang dibuka éta dompét téh polos euweuh kartu nanaonan malah euweuh foto-fotona acan. Rada hemeng kuring muka saletingna sugan aya di béh jero. Bray téh, Gusti.... duit saratus rébuan aya sagepokna, beureum kabéh. Masih kénéh aya ségel bank na ngabeungkeut éta duit, diilikan téh dina ségel bankna aya angka hiji jeung enol tujuh siki ngajajar.  Beu, sapuluh juta!

Jantung ratug tutunggulan, kesang tiis mimiti renung na tarang, leungeun gé milu ngageter. Tu da saumur nyunyuhun hulu kakara ayeuna nyepeng duit sakitu lobana. Luak lieuk, suwung euweuh jelema sapotong potong acan. Haté sabil. Ras inget pasemon salaki kuring nu beuki kanyos, dedeganna nu beuki péot, ngambekan siga nu beurat kacida, semu ditanagaan. Ceuk tatangga kudu gancang diubaran cenah, watir. Tuangeunna deuih kudu dijagi, anu aya gizian. Emh, maranéhna teu apal gizi téh barang nu mahal kacida keur jelema pantar kuring mah.

Mun ieu duit sapuluh juta kapimilik, kuring bisa ngubaran salaki nepika cageurna sabihari, bisa meuli dahareun nu ngareunah, nu bergizi ceuk tatangga téa mah. Bahkan, kuring bisa ngamodal usaha dagang baju jadi. Duh Gusti, tapi ieu lain duit kuring... moal boa ayeuna nu bogana keur néangan, kokotéténgan. Ah, tapi titah saha manéhna talobéh, mawa duit sapuluh juta bet siga nu cekel duit kencring, sigana matak kitu gé nu bogana jelema beunghar kacida. Atawa ieu duit ngahaja dipiceun sabab miceun sasalad alatan manéhna korupsi? Ah boa heueuh ieu rejeki kuring.

Satengah lumpat kuring balik deui ka sisi jalan, najan geus deukeut gé ka imah, teu hayang balik heula, sieun teu bisa nahan rasa, ieu haté asa rék bedah ku kabungah. Kuriak matak kanceuh panyakit mengi salaki kuring.

Di pasar kuring asa jadi jalma pangbeungharna, anu salila ieu dipikahayang harita bisa katedunan. Teu kagok kuring nyéwa kuli panggul dua urang da sakalian meuli baju jadi jualeun di imah, atuh bawaeun téh matak ridu tukang panggul. Deungeun sangu gé ayeuna mah kabeuli daging sapi tilu kilo da asa geus lila teu ngadahar semur, kacipta ngalimedna dahar jeung semur, teu siga mun dahar ngan sepat jeung réndos céngék hungkul. Sanggeus sagala kabutuhan kabeuli, ditoong téh duit masih kénéh loba sésana.

“Keun, jang natambakeun panyakit Si Akang ka rumah sakit, sugan atuh jadi cageur mengina.” Gerentes haté kuring. Méméh balik kuring nyimpang heula ka tukang béas, meuli sakarung piparantieun.

“Tumbén nih..” Si Engko rada anéhheun sabab kuring biasana meuli téh ngan saléter saléter jaba béas nu pangmurahna, ari ieu keur sakarung téh béas Pandan Wangi deuih.

“Enya keur aya milik Ko..” témbal kuring laju nitah kuli pikeun manggul éta béas. “Sakalian pangnéangkeun taksi Jang, tah ieu duaaneun.” ceuk kuring bari méré duit duapuluhrébuan dua lambar, éta tukang kuli atohna moal aya. Atuh biasa gé dibéré dua rébu. Ngahaja hayang népakeun kabungah.

Sanggeus rapih barang-barang kuring diasupkeun kana bagasi, taksi ngageuleuyeung muru imah kuring. Rinéh pisan kuring diuk dina jok mobil nu hipu, jaba tiis da maké AC. Haté bungangang mikiran kumaha réaksi salaki kuring nalika kuring datang engké. Teu karasa biwir sura seuri sorangan. Na..aya milik ku gedé-gedé teuing. Emh, enyaan Gusti mah Maha Kawasa, sakedét nétra bisa ngarubah kaayaan. Kuring nu tadina jalma ripuh sarta sakeudeung deui dahar karo sepat jeung réndos céngék hungkul, teu sakara-kara sagala kahayang bisa laksana. Nuhun Gusti...

Keur ngalamun bari ngararasakeun tiisna Ac, ana jorowok téh supir ngajorowok bari ngerém mobil satakerna. Jeduk, sirah kuring ngajeduk satarikna kana kaca mobil tangka lendeng kacida. Bray téh beunta.. tétéla mobil nu ditumpakan ku kuring nambrak ucing nepika paéh, peujitna urat arét kamana mana. Satengah teu sadar kuring luak-lieuk. Tétéla loba jelema na mobil téh, barang rét ka handap na leungeun kuring aya kantong kerésék hideung eusina céngék jeung asin sepat!

“Leuh.. aya nundutan nepika ngimpi sagala.” Bari istigfar kuring ngusap beungeut, panumpang nu lain tingrarérét.


Depok, Januari 2011

Tidak ada komentar: