Halaman

Sabtu, 20 Desember 2008

LULUS CPNS DI DEPOK

Pan uing teh babaledogan tadina mah ngiluan test cpns di depok.

geus sagala diapalkeun, pangpangna mah ngaran panjang uing jeung ngaran nagara, beu!

tanggal 6 Desember bersama teman-teman saperjuangan nyatana c iwan, c aneu, c dian jeung si siro (dibaturan ku c lucu) indit babarengan naek mobilna c siro. enya,enya uing numpang!

tapi dasar penuh perjuangan, nalika rek indit si siro teu datang wae.
indit teh peuting-peuting.

jam 8 (masih ngobrol bari seuseurian nungguan si siro)

jam 9 (ngobrol bari beungeut jamedud)

jam 10 (geus sepi jempling da teu ngobrol deui tapi sarare)

jam 11 kadenge mobil si siro datang, eta mah bbarudak langsung laluncat kana mobil tuluy weh nuluykeun sarare.

dijalan nalika arurang geus tereh nepi ka depok, mobil dicegat polisi.

polisi : "(bari nyebrotan beungeut arurang hiji-hiji) maaf mengganggu de."
siro : "iya Pa? (bari ngorong)"
polisi : mau pada kemana?
siro : mau ke depok pa, tes CPNS (bari kiih na mobil, ya enggak lah).
Polisi : Oh, ya boleh maju lagi. kirain sindikat penjualan PSK.
Arurang : hah???

memang perlu diakui, kadang mempunyai beungeut tipeu bokep siga c dian rada-rada menyusahkan, hehe

jam 2 peuting arurang kakara nepi, sanggeus survey lokasi tes tuluy arurang sare di mesjid, dan sodara-sodara kusabab isukna rek idhul adha. arurang sare di sebelah sapi, huhuhu

jam 4 geus dihudangkeun ku DKM, dititah ngiluan ceramah heula. uing mewek getih... keur mah sare jam 2 dihudangkeun jam 4. kagok asong, uing daria ngiluan ceramah tentang meuncit domba.

dan ahirnya uing bisa test oge, nuhun Gusti.

tanggal 20 desember (poe diumumkeunna nu lulus)

uing kahudangkeun ku sms c empit "nit, wilujeng jd PNS nya.."

ternyata uing lulus, oh langsung ngarasa sono anu kacida ka sapi anu sare bareng jeung uing di mesjid.

Alhamdulillah ya Allah...

Ngarti teu? intina mah uing ayeuna teh geus jd PNS, hehehehe bagja kaliwat saking.

Jumat, 19 Desember 2008

Sasakala PAGOGO


Tadi sore arurang geus kumpul deui di imahna c utuy, kami melakukan suatu ritual suci anu maha penting bagi kehidupan nyaéta…. Ngaliwet.

Hujan-hujan ge maksakeun uing téh ngajugjug ka imahna c utuy, najan rada telat da kudu ka sakola heula. Jeung pas teu diijinan bolos deuih ku panitia UAS, tétéla hal éta mawa keberuntungan pikeun uing.

Pas datang ka imahna c utuy, kasampak sagala geus asak, liwet geus seungit ngahiliwir, goréng lauk jeung terlentang dina piring, témpé geus dibacem, tahu geus dipiceun, hahaha pokona sagala asak. Atoh pisan sabab uing teu kudu mantuan masak, tinggal am, hmmm nyam nyam pisan. I’M SO LUCKY

Teu lila, brak taruang balakecrakan...

Sanggeus beuteung wareg, teluh kejo téh beunangna kana panon. Diarep-arep c utuy nyuguhan bantal ngadon hol teh rambutan jeung cau. Ceuk uing téh “ulah..ulah tuy, ulah diengkékeun deui” bari belewek cau muli dua siki sakaligus.

Bari ngopi téh arurang ngobrol kaditu kadieu, kang Imang, c kuswan, c utuy, c bunda jeung c Ulie baracéo tapi bari teu mikir, jadi kekecapan nu kaluar éstuning patukangtonggong jeung kaidah basa sunda jajauheun undak usuk basa mah geus kamana boa...

Keur kitu uing leng ngahuleng, bener euy. Ieu mah bener-bener komunitas pemuda Indonesia paling teu berguna bagi nusa dan bangsa. Sekelompok pemuda hedonis yang kurang gizi téh nu kieu meureun nya. Hehe

Keur kitu uing usul “barudak, geus wé urang nyieun paguyuban yu...”

Barudak anu keur bacéo teu jelas téa langsung menyambut baik usulan ti uing, itu ieu saran pingaraneun komunitas ditarepikeun.

Ahirna, sanggeus pabacok bacok. Aya hiji usulan nu ditarima pikeun pingaraneun kelompok urang.

Tujuan komunitas ieu nyaéta ulin

Anggota komunitas ieu tidak dibatasi, sing saha jalma anu disampeur ulin daékeun manéhna geus resmi jadi anggota komunitas ieu.

Rapat diayakeun sakasampeurna, lamun aya béas raskin nu nganggur pikeun diliwet.

Ngaran komunitas ieu nyaéta

PAGOGO


(PASUKAN GOBANG GOCIR!!!!)

Ka Makam Pa Oto Iskandar Dinata pas ulang taun

Ieu kajadiaanna rada lila sih, bulan maret taun 2008 katukang.

Geus didituna kuring téh kudu wae ulang taun tanggal 30 bulan maret (ya iya lah), ceuk kolot uing lahir tanggal 30 soteh da harita mah teu inget. Hehe

Tah, bisi hayang apal mah uing téh fans-na tokoh pahlawan nasional asal bojong soang nyaeta pa Oto Iskandar Dinata. Baca deui geura buku sejarah kelas 5, éra atuh teu apal pa Oto pa Oto acan mah.

Tapi dina postingan ieu wing lain rek ngomongkeun sejarah revolusi, ieu mah tentang ulang taun uing anu tgl 30 maret tea.

Caritana, teuing kunaon ulang taun ayn mah asa hayang pisan nganjang ka kuburanna pa Oto di taman makam pahlawan Lembang. Teuing ceuk uing ge teuing kunaon.

Eta kahayang téh dibejakeun ka si lucu, ceuk manehna téh hayu lah dianteur asal jajanan di pa akim. Tuh da.

Jadi sodara-sodara ahirna uing nepi kana poe nu ditunggu tunggu nyaeta…lebaran, Jay..lain, maksud téh poean uing ulang taun tea. Naék motor duaan jeung si lucu, ditukang dituturkeun ku c k. Imang tidituna mah ngiring bingah abdi tepang taun. Jadi saredih kieu, nuhun ah kang!

Di lembang, uing asup ka taman makam pahlawan éta. Ternyata enya, aya makam pa Oto Iskandardinata, lian ti éta aya oge makam-makam pahlawan revolusi sejenna kayaning pa Sersan Surif, Sersan Sodiq jeung nu sanesna.

Cobaan geura asup kadinya, naon cing nu karasa…

Ngagolak tah getih téh!

Katularan sumangetna para pejuang nu geus gugur, gugur soteh warugana da sumangetna mah teu pareum-pareum.

Gusti, mugi ditampi amal ibadahna, mugi ditempatkeun di tempat nu samistina sawarga tea.

Anu matak reuwas, nalika ningali makam pa Oto didinya aya tulisan, lahir: 31-30-1897. Ya Allah geuning ngan beda sapoe jeung ulang taun uing. Wah, langsung we ngadoa teu diengkekeun deui.

Eusina kieu: “Ya Allah, mugi-mugi sumanget juang pa Oto tepa ka abdi enggoning ngajalankeun kahirupan, mugi-mugi sing bisa mangfaat pikeun jalma réa, mugi-mugi para pamingpin negeri ieu bisa ikhlas berjuang pikeun rakyat siga pa Oto. Amin.”

Sabtu, 13 Desember 2008

HAYYU Urang Uliiin.....


Edas, kamari uing ulin ka Panaruban Subang. Lah eta mah pemandanganna so beautifull.

Sok geura bayangkeun kainyah,,

Sajajalan nu tembong ngan ukur kebon enteh,, hawa tiis nyecep, mawa motor dilaunkeun. naa aya suasana ku sepi jempling kieu teu cara di kota. Nu kadenge ngan ukur sora manuk kueuk kueuk... cenah dipirig ku sora manuk rada leutik (teuing naon ngaranna) wik..wik.. cenah. Meureun maksudna mah barudak geura nyingkah aya nu garelo... hahaha piraku.

Sanggeus lila, uing nepi ka hiji jalan leutik, ieu mah asli leutikna teh teu bohong ngan satapak hayam. Motor ge ngan bisa napak banna wungkul (nya heueuh atuh). Di sisi, di gigir ngan aya leuweung anu bangunna mah geus lilla teu katincak jelema. Geueuman.

Tapi ti jauhna hawar-hawar kadenge sora cai.

"Tah, geus deukeut meureun"


Pek teh heueuh, teu lila tembong curug badag dihandapna cai susukan meni ngagenclang.

Apal teu naon nu kabayang?

Edass teu kuat hayang nyeuseuh.. (ya engga lah) nu pasti mah hayang ngojay.
Kusabab pas nepi teh geus sore, nya barudak teh gancang nyieun tenda.

"Hayu urang jalan-jalan.." ceuk c widi, awalna barudak nyangka eta ideu bagus.

Tenda ditinggalkeun, hayam (jang dibakar engke peuting) digantungkeun dina tatangkalan deukeut tenda.

Dan kami pun berjalan-jalan dengan riang gembira, teu apal naon nu baris tumiba.

Tapi bener euy, otak asa di brain wash. Ningali pemandangan hejooo kabeh iwal huntu c utuy nu koneng teh, hehe.

Balik ka tenda geus rada poek, wanci sareupna lah..

Barudak ngarasa lapar, euweuh nu henteu. nu diteang mimiti nyaeta bakakak hayam nu ngagantung dengan pasrah dina tatangkalan.

Koceak teh si utuy ngoceak.

Barudak lalumpat muru tukangeun tenda,,,

Breh teh anu katingali mangrupa kajadian paling menyedihkan, mengiris hati, menodai iman..

Si utuy keur pabedol-bedol bakakak hayam jeung anjing leuweung, huhuhuhu

Ahirna urang baraeud dina jero tenda, beuteung lapar,
hayam beak ku anjing.

Keur kitu tiba-tiba si Kang Imang boga ideu.

NYA ENGGEUS WE URANG NGABAKAKAK ANJING! pan jero-jerona mah hayam kenehh!!

GUBRAGG....

Kamis, 04 Desember 2008

iber pasini

Asal mula kota Bandung



Pada mulanya Bandung ditemukan dalam rangka pencarian sumber bahan baku dan lahan untuk perkebunan kopi oleh Abraham van Riebeek pada tahun 1712. Akan tetapi perkembangan pesat baru terjadi ketika ibu kota kabupaten Bandung dipindahkan dari Krapyak (sekarang ...

Dayeuh Kolot) ke pusat kota Bandung sekarang. Pindahnya ibukota Bandung terjadi pada tahun 1810 setelah selesainya pembangunan jalan raya yang menghubungkan Batavia (sekarang Jakarta) dengan Bandung melalui Bogor dan Cianjur. Perpindahan ini menjadi tonggak sejarah berkembangnya kota Bandung karena pada saat inilah Bandung mengalami metamorfosa dari kampung menjadi kota.

Seiring dengan berkembangnya kota Bandung secara signifikan maka dibangunlah berbagai fasilitas yang dapat mendukung kehidupan dan kemajuan Bandung seperti Gedung Sate, Musium Geologi (16 Mei 1929), Museum Pos Indonesia (1931), dan lainnya. Kini Bandung telah berkembang menjadi kota cantik dengan hawa yang sejuk dan menjadi surga untuk berbagai hal. Surga Belanja, surga makanan, dan surga bagi pendatang yang ingin menghabiskan waktu menikmati indahnya senja yang merona.

Parijs Van Java adalah sebutan bagi kota Bandung yang diibaratkan sebagai Paris-nya Indonesia. Tak berlebihan rasanya jika Bandung menyandang sebutan ini karena beragam keelokan yang ditawarkan bagi para pelancong yang berkunjung di kota Bandung. Mulai dari wisata alam, wisata buatan, wisata belanja. Dengan wisata alam, anda dapat menikmati berbagai keramahan alam yang diperkenalkan dan diperuntukkan bagi Anda.

Penduduk Bandung diberkahi oleh lingkungan alam yang begitu indah, kota Bandung berada di dasar lengkungan yang dikelilingi oleh barisan pengunungan yang kokoh dengan jumlah pedesaan yang amat banyak. Ini pula yang menjadi kelebihan Bandung sebagai kota wisata, Dago dan Lembang adalah salah satu wilayah yang terkenal di Bandung.

Dago yang penuh dengan Factory Outlet dan Distro pakaian, menjadi salah satu incaran bagi para wisatawan yang berkunjung di Bandung dalam hal wisata belanja. Sedangkan Lembang, dikenal dengan kesejukan udaranya dan hasil buminya yang berkualitas baik. Sayur mayur dan buah-buahan menjadi sasaran utama para pelancong disaat mereka menikmati udara Lembang.

Julukan yang pas untuk kota Bandung pada saat ini, "Surga Belanja". Hamparan tanah Parahyangan yang sejuk dan nyaman ditambah kekayaan seni budaya dan kreatifitas masyarakat Bandung dalam bidang mode membuat kota Bandung semakin cantik bila mendapat julukan Surga Belanja.

Senin, 28 Januari 2008

Seserahan

Ku A.Rohani

Rét deui kana jam dingding nu aya di tukangeun, karék pukul tujuh tapi tamu meni rabul titatadi. Sursor amplop bodas padangasongkeun ka indung kuring, katembong pasemon indung meni marahmay, tapi teu tembong dina beungeut kuring. Teuing atuh ah, bet asa karieu, kuduna kuring bagja sabab ayeuna téh kuring rék seserahan, anu satuluyna tinangtu bakal ngucapkeun jangji rumah tangga atawa akad téa jeung awéwé pupujan haté kuring salila ieu, Ratna. Pedah kakara kitu ngalaman hal samodél kieu atawa pedah saminggu katukang teu kahaja panggih deui jeung manéhna? Ah, asa ku piraku.

Alo-alo ngagaronjak titatadi. Pajarkeun kuring siga anu keur maén longsér sabab teu sasari make jas hideung kieu. Mémang kuring gé asa teu pédé makéna. Puguh wé anu biasa mamaké kaos oblong jeung calana pondok téh kari-kari ayeuna meni dines pisan.

Rét deui kana jam, geus satengah dalapan deui asa lila ka jam salapan téh padahal pan jangji indit téh jam salapan tidieuna nepi kaditu paling jam sapuluhan, geus paheut.

“Na ujang bet rét deui rét deui kana jam, nyalsé atuh da si ituna gé moal rék teu nungguan. Sabar atuh anggursi ngadoa méh pas ijab kobul lancar” ceuk nini kuring nu harita lamédong balas kandel teuing make up-na. kuring ukur rumahuh.

Ah, da rarasaan kuring mah lain kitu, puguh bet jadi bimbang naha rék tulus atawa moal kawin jeung Ratna téh. Dadak sakala hate kuring nu geus panceg jadi bimbang, gara-gara manéhna. Enya, kamari tuda bet ujug-ujug hayang ulin ka teun si Jalil babaturan kuring basa keur masantrén di Gombong tadina sakalian ngabéjaan yén kuring rék kawin. Ari gok téh manéhna pisan nu mukakeun panto, Nyi Imas.

Ayeuna mah asa beuki geulis Nyi Imas téh teu cara basa hahadéan kénéh jeung kuring nya begang nya hideung matak pedah hal anu leutik dijadikeun alesan kuring bisa megatkeun hubungan jeung manéhna. Ari ayeuna, asa hanjakal.

“Naon kang, putus? Naha….?” teu kebat manéhna kaburu ngagukguk ceurik, leungeunna nutupan beungeutna.

“Tah, hadé ditutupan beungeut téh Nyai, méh kuring teu kudu ningali beungeut anjeun nu teu matut éta.” Ceuk kuring dina jero hate. “Muhun, panginten urang téh sanés jodo, da kumaha deui atuh Nyai ieu kasempetan akang pikeun maju. Piraku bade nampik ajakan emang ka kota? Nyai atoh nya mun akang terus sangsara siga kieu?” kitu nu kebat mah.

“Sanés kitu akang, pami mémang akang kedah ka kota nya mangga, ngan tiasa panginten teu pegat gé da abdi bade ngantosan akang, abdi jangji bade satia.” ceurikna beuki tarik, kuring jadi mudigdig napsu.

“Nya heug, kuma Nyai wé da akang mah sakitu buktina. Teu, teu hayang papanjangan deui.” jung kuring nangtung, leos indit.

Ti harita kuring indit ninggalkeun kampung kuring, ninggalkeun Nyi Imas.

Di kota, kuring usaha mantuan Mang Jana dagang sayur di pasar Caringin. Sihoréng capé nu aya dagang di pasar téh, nya capé ngangkutan sayur nu karék datang, nya kudu dadasar deuih can ngaladangan nu meuli. Tapi kacapé téh kaobatan dua bulan sanggeus kuring ngamimitian dagang. Kabeneran elos emang kuring paréndéng-réndéng jeung elosna haji Odin, lain haji Odinna nu rék diomongkeun téh tapi anakna anu bungsu, Ratna. Kuring bogoh ka Ratna nepika unggal poé dibongohan supaya manéhna daékkeun dijadikeun kabogoh ku kuring. Tungtungna kuring hahadéan jeung Ratna mojang nu nya geulis nya bageur, beuki betah di kota, beuki poho kuring ka nu lembur. Aya dua taunna kuring teu balik ka lembur, nepika poé kamari pisan kuring kudu ngabéjaan si Jalil yén rék kawin jeung urang kota.

Nyi Imas katémbong bangun nu reuwas kacida barang muka panto, ambekkanna eureun saheulaanan ditandaan ku biwirna nu rada calangap sarta beungeutna langsung pias. Nya komo kuring, nu ningali popotongan bet asa jadi geulis lir widadari, awakna sampulur, kulitna nu asalna hideng meles téh jadi hejo umyang. Sigana mah asak omé Nyi imas mah da témbong lambeyna gé dipulas ku lipen setip warna kayas sahéab, socana nganggo cela nambahan geulis nu gaduhna. Tuur asa ramohpoy.

Manéhna ngamanggakeun. Kuring asup bari sadar teu sadar, na bener kitu ieu téh Nyi Imas popotongan kuring? Antukna kuring jeung manéhna aya dina kaayaan teu bisa ngomong nanaon ukur silih huleng, ngimeutan carita baheula, basa silih kaléng, basa kahujanan di lebakeun imahna, basa paduduaan galecok di sawah bapana nepika basa kuring megatkeun hubungan. Inget palebah éta kuring jadi kagebah.

“Ehmm... geuning Nyai, kumaha damang?” nu tungkul téh ngarérét, laju imut.

“Saé kang!” témbong pipina beureum basa paadu teuteup, “aeh, dugika hilap ké sakedap urang ngadamel heula cai” nu cengkat téh dibedol leungeunna, manéhna reuwas kuring langsung ngepeskeun leungeun kuring.

“Keun waé atuh nyi, da moal lami” ceuk kuring pikeun ngaleungitkeun kaéra “Naha geuning Nyai aya di bumi kang Jalil, nuju ameung ogé?”

“Ah, akang mah aya-aya waé maké ameung sagala siga budak bolon.”

“Har, ari kitu?” kuring tuluy rasa, boa-boa...

Barabat manéhna nyaritakeun yén sanggeusna kuring indit ka kota manéhna leungiteun pisan nepika kagegeringan, ningali pamolah kitu indungna nyi Imas teu cicing, tuluy budak parawan téh diadu-adukeun jeung si Jalil babaturan kuring di kobong anu sok maturan kuring mun meneran ulin ka imahna Nyi Imas. Abong nu kanyenyerian, diamprokeun téh sumuhun kumaha ema sareng bapa waé cenah. Atuh tuluy hajat gedé di imahna, ngawinkeun Nyi Imas jeung si Jalil.

Naha atuh cenah, diantosan téh akang mah meni teu uih waé bongkéna tos dikota, hilap wé kanu bau lisung mah. Kuring ngahelas ngadéngé panungtung caritana. Ngarahuh deui, rét deui ka nu geulis, ayeuna mah manéhna geus jempé. Naha kuring bet teu meunang béja? Naha memang dihaja supaya kuring jongjon usaha? Tapi ujug-ujug kuring boga patalékan anyar.

“Ari ayeuna si Jalil aya dimana Nyi?” Anéh, pasemonna ngadadak angkeub.

“Dasar abdi mah goréng milik kang.”

“Goréng milik kumaha?” kuring beuki panasaran.

“Kang Jalil tos tilu sasih ngantunkeun abdi, nalika nuju nambangan keusik di walungan lebak, apan peryogi keusik harita téh kang da nuju ngadamel pager, kari-kari meneran usum hujan bet urug geuning keusik téh. Duh, kang Jalil deudeuh teuing...” segruk manéhna ceurik.

Kuring ngilu sedih sabab nu maot téh babaturan kuring basa masantrén. Tapi anéh, sagédéngeun éta naha geuning aya rasa atoh ogé Nyi Imas ayeuna rarandaan. Hemeng ogé.

Harita téh kuring langsung balik di engké-engké ogé ku manéhna sabab poé geus mimiti poék bisi kahujanan dijalan matak melang nu diimah. Najan tadi rada kagoda ogé nalika manéhna ngaulahkeun kuring indit.

“Engké wé atuh kang, kahujanan ké geura sidik tos ceudeum kieu. Matak naon ngéndong sawengi gé da langki patepang ieuh.” Kuring nganuhunkeun tapi tuluy indit bari teu ngabéjaan tujuan awalna kuring datang ka imah si Jalil. Keun ah, teu kudu apaleun saminggu deui kuring rék kawin jeung Ratna, sangkaan téh bisi kuring babalik pikir.

“tinit tinit...” geuning aya sms nu asup, di buka.

From: My_luv

Kang, tos tabuh salapan. Angkat ayeuna nya! Diantos.

Ratna deg-degan. Asa teu percaya ayeuna badé nikah, ari akang?

Teu dibales. Ngadon leng deui ngahuleng.

Jam sapuluh leuwih opat puluh menit kuring jeung kulawarga geus aya di tempat hajat. Sanggeus panampian jeung sajabana antukna kuring nepi kana waktu ijab-qabul.

“Nampi abdi nikah sareng Néng Ratna Rumanti Binti Odin Subarna kalayan mas kawin emas dua puluh gram dibayar kontan.”

“Alhamdulillah... sah!” ceuk naib ogé sakabéh nu nyaksian kuring akad.

Kuring ngarérét Ratna, manéhna imut kareueut pasemonna katémbong bungah cahayaan. Tapi teu kitu haté kuring anu teuing aya dimana ayeuna. Sigana néang kanu keur nyorangan di lembur kuring di Cikuda.

“Ah, isuk pageto rék ngahaja nyimpang.” Gerentes kuring na jero haté.

Cihampelas, 25 Desember 2007