Halaman

Jumat, 25 Oktober 2013

Numbuk Disue (Mangle, No.2350 1-7 Desember 2011)

Di Lembur Sawah panon poé geus mimiti méléték, jalma-jalma patingkuniang. Anu tuluy mirun seuneu nagogkeun panci, anu rék digawé gebras-gebrus mandi bati kabulusan.  Tuluy cung cong sarolat subuh manteng ka Gusti dina poé nu munggaran deui. Geus rada caang karék katémbong nu dariuk na bangku hareupeun imah, ngadon ngopi bari ngelepus udud.

Mang Udin katara anteng kénéh peureum na enggon, pamajikanna mah geus ti tadi indit ka kidul ngadon balanja ka pasar. Teu lila cekét panto imah muka. Tétéla Bi Wati pamajikanna téa karék jol ti pasar. Bru bru balanjaan keur ngeusian warung diteundeun na palupuh, tuluy manéhna ngalungsar bari nyusutan késang ku tonggong leungeun.



“Bapana... geus indit acan?” Gero ngageroan salakina, bet simpé baé euweuh nu némbalan. Panasaran, Jung nangtung bari nempoan ka cai bisi enya mandi kénéh. Di cai, suwung. Ditéang ka kamar, bréh téh salakina masih kénéh tibra ngaguher.

“Masya Alloh... Na kumaha ieu téh majar rék indit subuh kénéh ka kota téh, wayah kieu masih tibra. Ieuh ieuh... geura hudang, geus beurang!” Ceuk Bi Wati bari ngageuing-geuing salakina.
Kulisik, nyah beunta.

“Lailahaillalloh... tibra-tibra teuing saré téh maké jeung ngimpi panggih jeung jenat bapa.”

“Wah, riwan. Burukeun geura mandi, kana soré geura nepi ka kota téh! Nyaho keur usum macét dimana-mana. Rék wayah kumaha mulang deui ka imah?” Ceuk Bi Wati bari jung indit rék nyieun sasarap. Mang Udin tuluy ka cai ngadon beberesih.

Gesat gesut Mang Udin dangdan, rap maké kaméja pulas beureum ati nu warnana geus lalayu sekar, dicalana katun pulas hideung. Sakitu mah kasebut geus gaya dangdanan Mang Udin téh. Kangaranan di lembur.

“Mana atuh sasarap téh?” Ceuk manéhna bari gék dina palupuh nyarandé kana tihang. Bi Wati keur ngaladangan di warung, da deukeut pisan ti imah ka warung téh, ukur kahalangan ku panyawéran sadeupa.

“Éta aya goréng hayam na luhureun méja, piraku teu katingali.” Témbal Bi Wati rada digorowokkeun.

“Mana ning euweuh, leuh sakieu rarusuh téh... Ya Alloh geuning keur dilebok ku si konéng!! Bangsat siah teu disésakeun sakeureut keureut acan, rasakeun tah!!”  Geblug ngéong ngéong... sada ucing ditajong  ku Mang Udin.

“Aya naon bapana?” Ceuk Bi Wati bari rurusuhan datang ka dapur.

“Geus lah moal dahar aing mah.” Ceuk Mang Udin bari ngagedig indit ti imah teu uluk salam uluk salam acan.
Di sisi jalan manéhna ngalelengkur nungguan mobil nu katerminalkeun. Aya kana sajamna bet lebeng. Aya éta gé hiji dua tapi parinuh, malah nepi ka aya nu wani nangkél na panto. Nu kosong téh ngan angkot ka pasar wé. Sabenerna mah bisa naék mobil éta gé, ngan wayahna kudu dua kali naék, nyambung deui nu ti pasar ka terminal. Jaba sok ngaretém deuih.
“Gelo sugan, mobil parinuh kabéh, na rék kamarana atuh jelema téḣ?” ceuk Mang Udin kukulutus, jaba beuteung geus mimiti nagih eusi.
Cangkeul nangtung, brek wéh nagog na handapeun tangkal peuteuy. Keur kitu lar aya angkot terminal ngaliwat kosong kénéh. Dipegat kalah ngeuleuyeung bangun teu butuh ku duit. Sigana supir angkot teu ningalieun, da sidik Mang Udinna gé kahalangan ku rungkun sisi jalan. Éta ambekna Mang Udin, da poho dikaéra ngajorowok satarikna nyarékan angkot nu geus teu katingali bujur-bujurna acan. Untung euweuh sasaha.
Tungtungna Mang Udin naék mobil nu ka pasar heula kakara disambung deui ku mobil nu ka terminal. Ngahanakeun deuih supir angkot téh. Keteyep-keteyep kawas keuyeup, maju sajeungkal mundur sadeupa balas nungguan penumpang. Tapi Mang Udin nyabar-nyabar manéh.
Teu burung nepi najan bari seuseut seuat gé. Anjog di terminal, katémbong rentang-rentang aya mobil nu rék ka-Bandungkeun keur maju lalaunan, Mang Udin curinghak tuluy gura-giru leumpang satengah lumpat muru éta beus.
“Euy, tungguan euy…!” Ayeuna mah ngomong kituna téh dibarung lumpat satakerna. Tapi da umur teu bisa dibobodo, Mobil teu kaudag tinggal késang wéh tinggarajag tina awakna. Ras inget beuteung can kararaban nanaon ti isuk-isuk.
“Na aya indit-inditan kieu kieu teuing...” Ceuk Mang Udin satengah meubeutkeun manéh kana korsi beus kadua nu masih kosong kénéh. Tayohna manéhna geus leuleus jeung capé. Harita na jero beus tukang dagang keur awong-awongan nawarkeun daganganna. Aya tukang buku-buku Tabir Mimpi disimpenan dina lahunan panumpang séwang-séwangan. Tukang Jeruk mah nawarkeun jeruk téh bari ngagugusur karung eusina jeruk hungkul aya sakintalna, éta nu paling bedas sorana surup jeung pangawakanna nu jangkung badag. Ka tukang tukang sendal ngiring bingah ngasong ngasong sendal kana beungeut panumpang.
“Na kunaon Pa?” Ceuk lalaki tengah tuwuh nu ti tadi diuk di sisi jandela gédéngeun Mang Udin, duméh ngadéngé Mang Udin luhlah bari kukulutus.
“Mangga Pa, Bu, cobian jeruk amis kareueut. Sapuluh siki sapuluh rébu.. mangga Pa ka lebet, kosong kénéh palih payun, punten ieu kantong saha kaluhurkeun supados teu kadampal! Mangga Néng badé nyobian amis geura landong lieur!”
“Aéh aéh punten wé yeuh bapa ngadon kukulutus. Tuda asa enya indit-inditan téh bet numbuk disué. Geura, niat téh rék indit subuh ti imah téh teu ku hanteu bet hudang kabeurangan, jaba nalika rék sasarap ngadon dilebok ku ucing dagingna. Moal Mang moal meuli buku! Tuluy naék angkot teu kabeneran ngetém salila lila. Bieu wéh nu matak keuheul mah, katinggaleun beus nu kahiji. Beu... jadah téh.” Ceuk Mang Udin bari ngageberan awak ku kopéahna.
Hawa karasa beuki nyongkab, panumpang geus mimiti minuhan beus Ciawi - Leuwi Panjang.
“Leuh, hawatos teuing.. Na badé angkat kamana atuh bapa téh?”
“Puguh rék nyiar dagangan ka kota Bandung, da geuning di Bandung mah sagala murah sabangsaning baju tiung naon ku hanteu. Pan bapa téh leutik-leutik gé anyar meuli jongko di pasar Ciawi. Niat téh rék dadagangan baju. Tadina hayang kaburu balik deui poé ayeuna kénéh. Tapi ningali kieu mah lah teuing... sué puguh. Cing meuli jeruk sabarahaan? Sapuluh rébu?  Mahal teuing ah, embung!”
“Boa lepat étangan Pa?” Ceuk nu digigireun.
“Lepat étangan kumaha? Puguh mahal teuing sapuluh rébu mah, biasa gé lima rébu.”
“Sanés jeruk, éta angkat-angkatan, kedahna ngétang heula dinten naon nu saé.”
“Oh, ari sugan téh jeruk.” Mang Udin ngélémés kaéraan. “Lah teu ngararti nu kararitu mah, naha aya poé nu goréng? Asa hadé kabéh poé mah.”
“Leuh, teu sabongbrong tuda Pa. Pan dugi ka sok pada naroskeun ka dukun sagala. Ti kawit nu ngamimitian usaha, dugi ka nu rék nikah pisan. Pan kedah diruat tatéh, mun nikah salah mangsa disebutna kalamangsa. Mun Jalmi anu salah wanci pindah imah boh usaha kasebutna kaladurga. Tah majar saur sepuh mah pami teu diruat geus tangtu jalma éta cilaka, nu kasebut mapag kala téa. Paralun. Malah cenah mah dugi ka henteuna, alatan cilaka ku polah sorangan. Nu kagéléng kendaraan mah, katinggang ku cacandakan mah, ragrag tigebrus mah, palias wéh. Bapa kasebatna pan badé ngawitan usaha, sakedik-kedikeun mah kedah terang dinten nu saé, méh teu sué siga ayeuna.”
“Ujang sapertosna leuwih asak kana hal nu kitu... Cing bapa pangitungkeun! Naha ninggang dipoé alus atawa henteu?”
“Ké, dupi wadal Bapa dinten naon?”
“Mun teu salah mah Kemis Legi, ari ayeuna poé naon? Euh Kemis nya?”
“Tah muhun pa, tétéla pan ayeuna téh bapa angkat-angkatan ninggang dina dinten wadal. Angot Kemis Legi mah, dipahing pisan éta téh, margi bakal dikakalakeun ku Batara Kala. Nya angkat-angkatan gé moal lancar, aya wé halangan harunganna.”
“Bener pisan Jang.. ah, hanjakal pisan bapa teu mariksa palebah dinya. Duh kumaha atuh ayeuna? Moal bener sigana dituluykeun gé.”
“Ayeuna onaman da tos kapambeng, saé teraskeun waé, ngan wayahna kedah atos-atos.”
Mang Udin ngarahuh, dina haténa beuki lalewang. Inggis ku bisi..
“Emh… Ya Alloh…tangtayungan abdi” gerentesna.
Geus pinuh mah geuleuyeung beus téh maju, mimitina mah lalaunan, lila lila beuki tarik. Mang Udin jeung Ki Sobat anyarna anteng ngobrol ngalér ngidul. Mang Udin teu beak-béak nyaritakeun kahanjakal jeung kahanjeluna réh indit dina poé anu sué. Majar ceuk Ki Sobat mah picilakaeun cenah. Mang Udin jadi rus ras ka nu geus taya dikieuna.
“Emh… bet meneran tadi keur saré ngimpi jenatna bapa sagala. Boa ninggang di enya kuring rék cilaka ayeuna.” Mang Udin ngagerendeng ka diri sorangan.
Nalika asup ka jalan propinsi mobil bet ngarandeg, tétéla macét meni ngantay.
“Éy, piraku didieu kénéh geus macét. Ja, cing tingali ka hareup aya naon?” Ceuk supir beus nitah ka kenékna. Nu dititah tuluy turun tina beus laju nanya ka mobil nu aya dihareupeun. Teu lila balik deui kana beus nu ditumpakan Mang Udin.
“Cilaka Mang… Si Burhan kacilakaan! mobilna murag kana jungkrang, panumpang euweuh nu salamet!” Kenék ngagorowok, beungeutna pias. Supir molotot siga nu eureun ngambekan bakating ku reuwas. Jep téh sakabéh nu aya dina beus euweuh nu ngomong wanci lir eureun sakedapan. Ngan kadéngé pada ngagerendengkeun istigfar jeung nyebut Inalillahi.
Gebeg, Mang Udin reuwas alah batan lain dikieuna. Tétéla nu cilaka téh beus nu kahiji nu tadi teu jadi ditumpakan ku Mang Udin. Rét ka Ki Sobat anyar nu diuk gigireunna, bet siga nu keur malaweung bari neuteup kaluar jandela.
Sajajalan Mang Udin jeung Ki Sobat anyar jadi paheneng-heneng. Jempé lir wayang keur midang nungguan kakawén lekasan.
Bumi Kinara, 30  juni 2011 

1 komentar:

cadyecahill mengatakan...

Las Vegas (NV) Hotels - Mapyro
› Las-Vegas-Hotels-Las-Vegas › Las-Vegas-Hotels-Las-Vegas 3 days ago — 3 days ago 진주 출장샵 Las Vegas, 성남 출장안마 NV, United 과천 출장안마 States. Las Vegas Strip - Mapyro®.com 강릉 출장안마 The best hotels 구미 출장샵 near Las Vegas - Mapyro Las Vegas Hotel & Casino