Halaman

Jumat, 19 Desember 2008

Ka Makam Pa Oto Iskandar Dinata pas ulang taun

Ieu kajadiaanna rada lila sih, bulan maret taun 2008 katukang.

Geus didituna kuring téh kudu wae ulang taun tanggal 30 bulan maret (ya iya lah), ceuk kolot uing lahir tanggal 30 soteh da harita mah teu inget. Hehe

Tah, bisi hayang apal mah uing téh fans-na tokoh pahlawan nasional asal bojong soang nyaeta pa Oto Iskandar Dinata. Baca deui geura buku sejarah kelas 5, éra atuh teu apal pa Oto pa Oto acan mah.

Tapi dina postingan ieu wing lain rek ngomongkeun sejarah revolusi, ieu mah tentang ulang taun uing anu tgl 30 maret tea.

Caritana, teuing kunaon ulang taun ayn mah asa hayang pisan nganjang ka kuburanna pa Oto di taman makam pahlawan Lembang. Teuing ceuk uing ge teuing kunaon.

Eta kahayang téh dibejakeun ka si lucu, ceuk manehna téh hayu lah dianteur asal jajanan di pa akim. Tuh da.

Jadi sodara-sodara ahirna uing nepi kana poe nu ditunggu tunggu nyaeta…lebaran, Jay..lain, maksud téh poean uing ulang taun tea. Naék motor duaan jeung si lucu, ditukang dituturkeun ku c k. Imang tidituna mah ngiring bingah abdi tepang taun. Jadi saredih kieu, nuhun ah kang!

Di lembang, uing asup ka taman makam pahlawan éta. Ternyata enya, aya makam pa Oto Iskandardinata, lian ti éta aya oge makam-makam pahlawan revolusi sejenna kayaning pa Sersan Surif, Sersan Sodiq jeung nu sanesna.

Cobaan geura asup kadinya, naon cing nu karasa…

Ngagolak tah getih téh!

Katularan sumangetna para pejuang nu geus gugur, gugur soteh warugana da sumangetna mah teu pareum-pareum.

Gusti, mugi ditampi amal ibadahna, mugi ditempatkeun di tempat nu samistina sawarga tea.

Anu matak reuwas, nalika ningali makam pa Oto didinya aya tulisan, lahir: 31-30-1897. Ya Allah geuning ngan beda sapoe jeung ulang taun uing. Wah, langsung we ngadoa teu diengkekeun deui.

Eusina kieu: “Ya Allah, mugi-mugi sumanget juang pa Oto tepa ka abdi enggoning ngajalankeun kahirupan, mugi-mugi sing bisa mangfaat pikeun jalma réa, mugi-mugi para pamingpin negeri ieu bisa ikhlas berjuang pikeun rakyat siga pa Oto. Amin.”

Tidak ada komentar: